Saturday, January 24, 2009

Kumaha garing ?

Aya babaturan anu ngadongeng sajarahna urang Sunda sok nanya "Kumaha damang?" lamun papanggih jeung baraya atawa bataturan anu geus lila teu tepung. Cenah baheula, jaman Walanda, kungsi di tatar Pasundan aya pagebug. Teuing sampar (sazaman jeung Camus meureun), teuing kolera. Loba nu maot, tapi aya oge anu salamet. Ti semet eta, lamun papanggih jeung nu wawuh urang Sunda sok silih tanya "Kumaha damang?".

Asana dongeng ieu teh kungsi ditulis oge ku Haryoto Kunto.

<>

Aya babaturan, urang Amerika nu geus lila lar sup ka Indonesia. Geus loba kanyahona ngeunaan kabiasaan dina bahasa Indonesia. Hiji waktu manehna datang ka kantor kuring di Jakarta. Basa manehna keur nguriling sasalaman ka staf anu aya d kantor, kadenge manehna ngomong kieu :

"Yati apa kabar? Kelihatannya kamu sangat alhamdulillah ..."

Meureun maksudna mah : "Yati kamu kelihatannya baik-baik saja." Sigana si Amerika teh mindeng ngadenge urang Indonesia lamun ditanya "Apa kabar?", jawabna "Alhamdulillah. " Disangkana "alhamdulillah" teh hartina "baik-baik saja".

<>

Dina puncakna poe-poe banjir di Jakarta, ceuk koran 70% daratan Jakarta kakeueum banjir. Sanggeus banjir rada root, karek warga bisa beberesih imah. Moe baju, kasur-bantal, korsi jok jrrd.

Jadi ... lamun urang Sunda di Jakarta ayeuna papanggih jeung dulur atawa baturna ... pantesna nanyana teh : "Kumaha garing?"

Cag (Feb 2007)

(Gambar dari Kompas)