Friday, November 20, 2009

Rek hiji atawa 700.000 nyawa ... sarua bae

Basa jumaahan tadi, tema khutbahna moal salah deui : soal Bush nganjang ka Indonesia. Ceuk khotib : ku pokalna Bush, rakyat Irak nu geus perlaya aya 700.000. Nu perlaya teh kabeh umat Islam (geus dipariksa meureun). Kukituna, Bush teh musuh umat Islam, cenah.

Balik jumaahan jadi mikir ... ngaranana oge kiayi, bisa jadi aya santrina anu boga pamadegan saucap kiayi kadua nyata. Kumaha lamun si santri teh kurang asak pikir. Tuluy ngagandong ransel eusina bom. Leuheung lamun inditna ka Istana Bogor. Nu teu puguh mah lamun inditna teh ka restoran AW, McDonald, pabrik Coca Cola. Nu maot ku bom pastina oge dulur-dulur urang keneh. Si kiayi pasti ngangles : kuring mah teu pisan-pisan mere parentah ka manehna, wawuh ge henteu.

Jelema gelo siga kitu sok aya bae di unggal jaman. Aya nu nembak John Lennon, nembak Reagan, nembak Paus, nembak Abraham Lincoln.

Aya usul : kumaha lamun nu kudu dimusuhan ku urang teh lain jelemana, tapi sifatna.

Jadi, saha bae nu boga sifat goreng ku urang kudu dimusuhan. Cenah Bush geus maehan 700.000 muslim, hayu urang musuhan. Tapi kapan di Indonesia oge sok aya nu hampang leungeun, cacabok, kakadek, tetembak kanu teu boga salah. Malah pang akhirna mah aya jelema nu diracun nepi ka maot dina kapal udara, ngaranna Munir (aringet keneh teu?). Tapi asana can kungsi kasus Munir jadi tema khutbah jumat. Pedah ngan hiji kitu? Tapi maehan mah rek hiji rek 700.000, tetep bae teu meunang.

(Diposting di milis Baraya Sunda, sababaraha taun nu kaliwat)