Sunday, October 26, 2008

Fam, bin jeung binti

(Ngomentaran komentar ngeunaan buku : Carmen Bin Ladin: Inside The Kingdom, Kisah Hidupku di Arab Saudi)

Bisa jadi Neng Carmen nganggap "bin Ladin" teh ngaran marga (fam), siga Kennedy, Blair atawa Bush. Sakumaha kabiasaan di Eropa : ngaran pamajikan sok ditambahan ngaran fam salaki. Jadi weh Carmen bin Ladin.
Cenah di Batak oge anu boga hak make ngaran marga teh ngan anak lalaki. Tapi akhirna : pamajikan Pa Nasution sok disebut Bu Nasution. Padahal si ibu teh bisa jadi asalna di kulawarga Lubis, atawa urang Jawa nu teu boga marga atawa boru.
Ceuk sakaol : warga Eropa mimiti make ngaran kulawarga sanggeus diparentah ku Napoleon (aturannana disebut Napoleon Code). Harita rahayat pahibut neangan pingaraneun. Aya nu praktis : anak-anak John ngaran fam-na jadi Johnson. Aya nu bari heureuy : milih ngaran fam-na Peperzak anu hartina kantong pedes alias merica (urang Belanda). Aya nu ngarumasakeun : tukang kebon ngaran fam-na Armstrong atawa Rooseveld (hartina taman kembang eros, di Amerika jadi Roosevelt).
Sanajan Johnson hartina anak lalaki si John, tungtungna mah dipake ku anak awewe oge. Misalna : Anne Johnson. Di Belanda aya Famke Jansen (bintang film). Bisa jadi Neng Carmen nganggap kecap "bin" sarua jeung "son". Sigana lila-lila "bin Ladin" jadi "Ladinson".
Ceuk pamanggih kuring di Arab mah euweuh tradisi ngaran kulawarga. Kecap "bin" ngan ukur ngahubungkeun anak jeung bapana. Misalna : Muhammad bin Abdullah bin Abdul Muthalib. Jadi, anakna Carmen jeung Yeslam (awewe kabeh) kuduna make "binti Yeslam", teu meunang "binti Ladin" deui.
Ceuk hiji babaturan nu geus kungsi ka Mekah, di deukeut Masjidil Haram aya toko atawa hotel (?) anu ngaranna "Bin Daud". Cenah eta toko teh sabenerna ngaranna "Davidson" (international chainstore). Tapi kulantaran "Davidson" mah kadengena siga urang Israel pisan, diganti we jadi "bin Daud". Kaharti oge kulantaran David = Daud, son = bin. Sedengkeun kaum Israel kapan sok disebut oge "turunan Nabi Daud". Gening dina bandera Israel aya Bintang Daud.
Cag
---------------------
Bisa jadi inisiatif nambahan "bin Ladin" kana ngaran Carmen, datangna ti penerbit buku. Jadi aya motif komersil, ngarah laku, sabab jelema pasti nyangka aya asosiasi di antara Carmen jeung Usamah (the US enemy number 1), terus we mareuli bukuna.
Loba awewe anu "modern" (utamana di Eropa atawa Amerika) anu tara make deui ngaran salaki. Komo lamun geus boga karir ti keur lajangna mah. Sok geura taliti, naha sanggeus kawin Britney Spears jadi ganti ngaranna? Pan henteu. Paling banter ngaran kulawarga jeung salaki disebut duanana, misalna Pamela Lee - Anderson. Anderson ngaran kulawarga, Lee ngaran salakina. Sanggeus pipirakan mah balik deui jadi Pamela Anderson. Hillary Clinton oge sok make ngaran kulawargana sorangan sakapeung.
Aya tatangga randa urang Batak. Turunan Siregar. Almarhum salakina margana Hutabarat. Dina daftar ngaran warga di pa RT, ditulisna : Susi Hutabarat-Siregar.

Bakat ku teu ngarti, hiji babaturan (urang Afrika) ngomong : "Aneh barudak Belanda mah. Ngaran bapana dipake, tapi arembung saimah jeung bapana. Kalah misah imah, nyewa apartemen."
(10 Oktober 2006)



No comments:

Post a Comment

Jangan beriklan di sini!