Sababaraha waktu katukang, Wakil Presiden Jusuf Kalla biantara dina hiji acara. Nu kainget terus ku kuring aya hiji, nyaeta nada pesimis anjeunna ngeunaan basa daerah. Siga nu taya kabeubeurat, atawa kahanjakal, anjeunna nyarios yen basa daerah teh bakal tumpur.
Tumpur henteuna basa daerah saestuna gumantung ka warga nu jadi pinutur basa daerah. Lamun geus euweuh deui jelema anu daek ngomong atawa nulis dina basa Sunda, moal salah deui basa Sunda ngan tinggal sajarah wungkul. Siga basa Latin, kiwari geus euweuh jelema anu ngobrol make basa Latin. Paling aya dina doa-doa di gareja. Sanajan kitu, loba kecap-kecap tina basa Latin anu diinjeum ku basa sejen saperti basa Inggeris. Oge, loba ungkapan-ungkapan anu dipake dina widang-widang kaelmuan. Misalna : ceteris paribus, vis a vis, oryza satipa, curcuma jsb.
Tumpur henteuna basa Sunda gumantung ka urang sarerea, kaasup anggota Baraya Sunda anu ayeuna satekah polah ngobrol make basa Sunda ngeunaan topik-topik anu daria. Tangtu jumlah Baraya Sunda mah saeutik teuing lamun kudu nyekel tanggung jawab ngahalangan kamusnahan basa Sunda. Tapi lain hartina teu bisa mere kontribusi.
Dina kasus pang paitna, paling saeutik urang teh kudu ninggalkeun tapak, yen basa Sunda teh kungsi aya. Siga basa Latin oge, kudu diusahakeun aya kecap-kecap basa Sunda anu diinjeum ku Bahasa Indonesia (misalna).
Lamun ditilik, paling henteu dina Bahasa Indonesia paguneman (informal), geus loba kecap-kecap basa Sunda nu dipake ku pinutur Bahasa Indonesia. Misalna kecap “baheula” geus mindeng dipake jeung kahartieun ku jelema loba.
Oge, kecap “keukeuh” mindeng kadenge diucapkeun dina gunem catur anu make bahasa Indonesia. Malah make sok ditambahan sagala, jadi “keukeuh kumeukeuh”. Ngalarapkeunnana dina kalimah cukup merenah. Meureun pedah hartina deukeut kana “kukuh”, jadi gampang diingetna.
Sok mindeng kadenge aya nu ngomong “sori menyori”. Struktur saperti kitu asana ngan ukur dina basa Sunda.
Kiwari, anu mindeng diucapkeun ku barudak rumaja di Jakarta aya deui, nyaeta kecap “jomblo”. Malahan aya film anu judulna Jomblo. Hartina memang rada geseh. Anu aslina: jomblo teh hartina kira-kira parawan kolot can aya nu nanyaan. Di Jakarta mah hartina jadi “single” alias teu boga kabogoh, rek budak rek geus umuran.
Parakanca Baraya Sunda anu resep tulas-tulis, mere kuliah, biantara atawa naon bae asa komunikasi dina bahasa Indonesia, naon bae widang elmuna, boga pancen ngasupkeun kecap-kecap basa Sunda kana kalimah bahasa Indonesia. Khususna dina konsep-konsep anu acan basa Indonesiana.
No comments:
Post a Comment
Jangan beriklan di sini!