Sunday, October 26, 2008

Rupa-rupa Sasalaman

Neruskeun carita kang Rahman ngeunaan rupa-rupa cara sasalaman. Kuring boga pangalaman sasalaman unik.
(1) Di ITB aya nu ngaranna Prof. John 300i. Dina hiji kasempetan kuring kapaksa kudu sasalaman jeung manehna. Waktu keur pacekel-cekel leungeun, sirah si profesor teh unggut-unggutan. Barang leungeun dileupaskeun ... unggut-unggutannana eureun. Kulantaran panasaran, ku kuring leungeunna dicekel deui ... lakadalah unggut-unggutan deui.
Sababaraha kali ku kuring leungeunna di cekel - leupas - cekel, sirah profesor teh unggut-unggutan - eureun - unggut-unggutan. Akhirna mah babaturan anu nantung tukangeun nyigeung, bari ngomong :"Enggeus atuh karunya ... Bang."
(2) Aya hiji lalaki Walanda ngaranna Mr Joop. Lamun sasalaman jeung manehna ibarat mencet kulub cau, eusina merecet kaluar tina cangkangna. Teuing ku naon leungeun Mr. Joop sok gancang-gancang dibedol deui. Ari paromanana siga anu sono geus lila teu papanggih, tapi ari leungeun teu sirikna kekepesan embung sasalaman.
Ceuk panalungtikan Prof Sagawayah ti Jepang, kalakuan kitu teh nyirikeun jelema anu mindeng dibobodo ku babaturannana basa jaman keur budak. Biasana si babaturan (leungeunna kede) teh ngajak sasalaman ka Joop ngora, padahal si babaturan teh karek cecebok tapi can ngumbah leungeun.
(3) Aya hiji deui hiji Walanda ngaranna Mr Dirk. Ieu mah ari sasalaman sok mencet tarik pisan. Meureun baheulana sok milu Smack Down. Atuh lain-lain seuri diajak sasalaman teh, kalah muringis bakat ku nyeri.
Biasana sanggeus sasalaman sok aya bae nu kabawa ku Mr. Dirk. Mentana deui kudu sopan pisan da manehna teh galakna alahbatan Daendels. Kuring biasana ngomong saperti kieu: "Mister Dirk ... upami tos dianggo ... eta jempol sareng cinggir abdi ... bade dibantun deui."
Kitu caritana teh ...
(14 November 2006)

No comments:

Post a Comment

Jangan beriklan di sini!