Sunday, October 26, 2008

Lulucon lokal jadi global : kudu kumaha atuh?

Paguneman di Arnhem, circa 1990.
BS (kuring) : "Kuring rek menta idin ka Mr Hans Verhoef, rek balik ka Indonesia leuwih gancang batan jadwal."
Ron : "Na kunaon? Teu betah di dieu?"
BS : "Geus tilu minggu papisah jeung pamajikan. Tetempoan teh sapi ge jadi gareulis."
Jan, Ron jeung Erik saleuseurian.
Jan : "Neruskeun lulucon sapi ieu mah ... naon cirina yen urang geus asup ka provinsi Friesland ?"
Kabeh bareng : "Cik cik naon cirina teh .. ?"
Jan : "Lamun geus nempo loba jelema dierok beungeutna siga sapi ..."
Erik jeung Ron seuri maur. Ron nyiku cangkeng Jan bari ngaharewos : "Tong kitu euy ... pamajikan Erik teh pan urang Friesland."
Erik : "Ah teu nanaon. Tapi basa dipariksa pangahirna ... tadi peuting ... asana mah normal-normal bae. Teuing lamun beurang jiga kieu, keur kuring di kantor, boa .... "
Kabeh saleuseurian deui.
Friesland teh hiji provinsi di Belanda anu kawentar ku produksi susuna. Ku kituna populasi sapina oge leuwih loba ti provinsi lian. Ari Arnhem, ayana di provinsi Gelderland.
<>
Maksud carita di luhur teu aya lian ti mere conto yen di unggal lingkungan di masyarakat, sok diciptakeun lulucon - gogonjakan - guguyon keur nyeungseurikeun lingkungan sejen. Sok bae ayeuna mah jujur, urang Sunda boga lulucon ngeunaan urang Cina, urang Jawa, urang Padang jsb. Sabalikna urang Jawa oge pasti boga lulucon keur nyeungseurikeun urang Sunda.
Lain lingkungan etnis bae. Lingkungan agama oge nya kitu. Mang Enduy (babaturan pun Bapa almarhum) boga sagudang carita anu nyeungseurikeun urang Kristen. Unggal panggih bulak-balik dicaritakeun, mani bosen. Pasti dulur-dulur anggota milis oge boga lulucon saperti kitu, jujur bae.
Tong nyangka Mang Enduy (agamana Islam) wungkul anu bisa nyieun lulucon nyeungseurikeun Kristen, sabalikna urang Kristen oge pasti bisa nyieun lulucon keur nyeungseurikeun urang Islam. Bisa jadi, lain di Denmark bae aya kartun anu nyeungseurikeun Islam, boa di India, di Itali atawa di Spanyol. Bisa jadi tatangga urang oge unggal poe nyieun lulucon anyar nyeungseurikeun Islam.
Dina hiji milis anu diasuh ku kuring, kungsi aya urang Kristen anu ngirim lulucon siga kitu. Atuh puguh jadi rame ... rea nu protes.
Dina hiji resepsi kawinan urang Islam, wakil ti pihak panganten awewe dina pidatona aya lulucon anu nyeungseurikeun urang Kristen. Padahal babaturan sakola jeung babaturan gawe panganten, ditambah ku tatangga, loba anu Kristen jeung daratang ka resepsi.
Jadi, karasa atawa teu karasa, sabenerna urang teh keur saling nyeungseurikeun. Ngan, aya nu nepi jeung aya nu henteu, ka nu diseungseurikeunnana. Oge, aya nu sok jadi ngambek diseungseurikeun teh ... aya nu henteu.
<>
Lamun urang sok gancang ngambek, alusna urang oge kudu bisa nyieun batas, iraha jeung dimana lulucon siga kitu bisa diucapkeun. Biasana nu kieu teh resiprokal. Dina jaman ayeuna, ku alasan sakola-pagawean atawa tatanggaan, jelema-jelema nu boga kasang tukang nu beda-beda, bisa ngumpul dariuk bareng. Dina momen nu jiga kieu, henteu wijaksana lamun lulucon etnis atawa agama diucapkeun.
Tapi lamun urang saendeng-endeng pacampur jeung bangsa sejen, agama sejen, alusna mah lulucon sabangsa kitu di-"delete" bae, bisi kaceplosan.
<>
Ceuk pamanggih kuring, masyarakat Denmark relatif homogen, beda jeung di urang. Populasi urang Islamna oge saeutik. Malah lokasi geografisna oge jauh ti lokasi nagara-nagara Islam. Jadi dina diri masyarakat Denmark euweuh dorongan pikeun ngaragap hate urang Islam. Lain salah manehna ... teu kalatih.
Sarua jeung nagara Brazil (misalna), meuncitan sapi saloba-loba, bari jeung teu kungsi mikir yen sapi teh sato suci urang India. Urang Hindu India oge teu protes. Di unggal tempat sok aya anu sipatna siga Mang Ipik : lamun aya budak cengeng sok malah hayoh diheureuyan nepi ka ceurik. Lamun di Brazil aya nu jiga Mang Ipik, ditambah ku urang India sok gampang protes (misalna), hasilna : cape nu ngadengekeun.
Salam,
(11 Oktober 2006)

1 comment:

  1. kumahak
    mesti harus pake bahasa sunda ?
    mendingan pake bahasa indonesia biar mudah

    ReplyDelete

Jangan beriklan di sini!