Saturday, May 10, 2008

Aki Caman


Tahun 1964. Siga aya beker dina jero awakna, unggal poe Pa Caman hudangnya pasti dina waktu anu sarua, jam satengah lima. Padahal euweuh ieuh anu ngageuingkeun. Jeung deuih bororaah boga beker. Pa Caman hudangna teu make ngahuleng heula ngumpulkeun pangacian siga batur. Estuning ari beunta terus kuniang hudang.

Sanggeus nimba cai di sumur, ngeusian bak keur sapangeusi imah, Pa Caman mandi. Baju paranti gawe, anu bahanna tina dril warna sepe, geus sadia di enggon. Geus diistrika jeung ditilepan ku pamajikanana. Terus ka dapur, kopi panas jeung kulub hui, selang-selang jeung kulub sampeu atawa seupan cau, geus nyampak keur sasarap. Kasebutna oge sasarap, asal aya dahareun salapis ipis dina beuteung tamba asup angin. Siga aya beker dina awakna, anu ngabejaan ka Pa Caman yen sasarapna tong loba teuing ngarah tong lila teuing. Rap kana sapatu tenis anu barolong.

Memeh kaluar tina panto, pamajikannana ngasongkeun jeket keur ngarangkep saluareun bajuna ngarah teu tiris. Di luar, teu jauh tina panto, gap Pa Caman kana sapu nyere gagangan, reujeung kored. Tuluy leumpang mapay gang. Nu ngadoa bada Subuh di langgar reang keneh, Pa Caman ngan apal sawareh. Apal soteh pedah mineng ngadenge ari indit gawe, lain pedah diajar basa jaman budak.

Beak gang bras ka jalan, Pa Caman leumpangna ngagancangan sieun kabeurangan. Nu diburu Jalan Kebonjati, jalan anu kudu disapuan ku manehna. Ti pertelon Jalan Cikole manehna ngamimitian sasapu, maju ngaler. Naha bet kudu poek keneh sasapu teh? Pa Caman tara tatanya, manehna ngan ukur migawe sakumaha panitah Mandor. Lamun ceuk Mandor kitu, nya kudu kitu nu dipigawe. Tapi tina pangalaman babaturanna nu sok kabeurangan datang, cenah mah leuwih hese lamun sasapu mangsa jalan geus kapanasan. Kokotor-kokotor jalan saperti kebul, tai kuda delman jeung dangdaunan, leuwih hade lamun disapukeunnana keur rada baseuh keneh. Lamun geus garing kapoyanan, kokotor teh sok haliberan siga nu sieuneun disapuan.

Salian ti kitu, ku sabab beuki beurang mah beuki loba jelema jeung mobil anu ngaliwat, anu rek ka kantor atawa rek sakola, tangtu sasapuna ge jadi leuwih hese, lantaran pabeulit jeung nu ngaliwat. Kokotor ge bisa jadi baralik deui ka tengah jalan katiup ku angin mobil ngaliwat. Jadi, ku sabab sababaraha alasan eta, penting pisan keur Pa Caman saparakanca kudu ngamimitian gawe ti keur poek keneh, jeung kudu rengse saencan jelema lian lumaku.

Si kokotor biasana disapukeun ti tengah jalan kasisi, digundukeun di tempat-tempat anu geus pasti. Rada beurang aya baturna Pa Caman narik roda, ngangkatan gundukan-gundukan eta kana roda, nepi ka beresih pisan.

Mangsa bray-brayan Pa Caman sasapuna geus ngadeukeutan simpangan Jalan Bunut. Biasana Mandor datang mariksa. Tapi biasanya ngan ukur ngaliwat dina sapedah. Mandor geus percaya pisan yen pagawean Pa Caman pasti anggeus jeung beres saluyu jeung parentah Mandor. Malahan Pa Caman ngahaja dititah nyapuan Jalan Kebonjati teh, lantaran jalan ieu teh lalangkungeun Walikota ti bumina ari bade ka kantorna. Jadi jalan ieu kudu pang beresihna. Hiji hal anu ku Mandor embung kaalaman saumur hirupna, nyaeta dicarekan ku dunungan pedah teu bisa gawe. Komo lamun kasalahan teh kapendakna ku Walikota pisan, tada teuing matak erana.

Pancen ti Mandor keur panyapu siga Pa Caman tara ieuh ditulis pereleannana. Komo deui lamun diinget yen meh kabeh penyapu teu bisa maca, jadi euweuh gunana tulisan perelean pancen teh. Tapi ku bisana Mandor ngatur, jeung ku disiplinna Pa Caman saparakanca, jalan-jalan di kota Sukabumi bisa beresih dina waktuna.

<>

Beres sasapu jalan, Pa Caman leumpang ka kantor Walikota anu harita katelahna kantor Kotapraja. Di dinya manehna lapor ka salah sahiji pagawe, ngarah teu dianggap mangkir. Tuluy neangan inumeun, biasana mah disadiakeun cai enteh panas. Entehna enteh bewok, katempo ngarambang saluhureun cai sababaraha lambar daun, lolobana mah regang enteh garing. Sanggeus digiling, si regang enteh teh katempona siga janggot. Mun can beakeun, sok aya gula batu. Nginumna diselang-selang ngenyot roko daun kawung, sarta ngobrol jeung batur-baturna anu ngumpul di tukangeun kantor. Sabenerna pancen Pa Caman unggal poe ngan sakitu.

Kira-kira jam sapuluh, Pa Caman indit ka bumina Pa Prawira, padamel luhur di kantor Walikota. Ieu mah di luar pancen ti Mandor. Di bumi Pa Prawira biasana Pa Caman sok dititah memeres kebon ku Bu Prawira, atawa bunta-bantu nu sejen. Sok diburuhan, lumayan keur nambah-nambah. Biasana memeh prak digawe, sok dititah dahar heula. Dahareunnana sesa sasarap Pa Prawira.

Hiji poe basa Pa Caman muka jeketna, ku Bu Prawira katitenan yen baju Pa Caman teh sanajan geus lalayu sekar, etuning beresih jeung rapih. Ceuk Bu Prawira : “Pa Caman, saha anu sok nyeuseuh jeung ngistrika baju di bumi? Mani beresih jeung rapih deuih.”

“Ah sanes ku sasaha Enden, ku pun bojo bae.”

“Kinten-kintenna kersaeun lamun nyeuseuh sareng ngistrika di dieu? Teu kedah ngendong, da caket ieuh.”

“Tiasa sigana mah Enden. Engke geura sonten urang taroskeun.”

Cindekna Ma Caman geus gawe di bumi Pa Prawira. Kulantaran gawena di jero imah, loba waktu keur Bu Prawira jeung Ma Caman bisa ngobrol duaan.

“Pa Caman sareng Ema teh benten umurna tebih pisan, lima belas taun. Ayeuna Pa Caman genep puluh, Ema opat lima.” Ma Caman nga-emakeun.

“Kumaha kapungkur papendakna?”

“Kapungkur papendakna di kontrak … di Jampang. Pa Caman ngurus kebon di bumi Tuan, Ema babantu di dapur.”

“Tuan naon?”

“Duka namina mah saha. Tapi nu tangtos mah Walanda. Tadina mah teu nyangka bade ngajodo da Pa Caman, da Pa Caman mah seueur nu bogoheun, gareulis deuih. Ema mah ngarumasakeun maneh, nya pendek nya goreng patut. Malahan ka si Pa Caman mah Nyonya Walandana oge bogoheun.”

“Ah maenya ….”

“Eeh muhun Enden… Ema mah sering ningali Pa Caman kaluar ti kamar Nyonya bari memener sampingna. ”

“Atuh kumaha lamun kanyahoan ku Tuan Walandana … meureun ngambek.”

“Biasana mah siang-siang, lamun Tuan nuju aya di pabrik atawa di kebon. Janten Tuan moal terangeun”

“Nu sok seueur kabejakeun teh biasana mah Tuan Walanda gaduh nyai. Jadi sok mineng kapanggih di kampung-kampung sakuriling kontrak sok aya awewe atawa lalaki geulis, irungna mancung, kulitna bodas siga Walanda. Moal lepat maranehannna teh turunan Walanda.”

“Muhun da kitu pisan buktosna teh. Aya nu diurus ku Tuanna, di candak mulih ka Holan. Aya oge nu di lurkeun. Aya oge anu diteang deui saatos merdeka, dipilarian, teras dicandak kaditu. Basana teh, kapungkur teu kabujeng dicandak da teu sirikna lumpat kabur sieun ku Jepang.”

“Ieu mah panasaran bae nya Ma Caman, tong bendu. Kinten-kintenna si Nyonya gaduh putra atawa henteu ti Pa Caman?”

“Nya aya bae panginten sahiji-hijieun.”

“Naha sahiji-hijieun?”

“Sababaraha kali gentos Tuan … Nyonyana biasanya kapincut bae ku Pak Caman. Kitu deui kitu deui.”

“Ah Ma Caman mah … boa ngalereskeun samping teh pedah morosot bae, sanes pedah tos ngagentenan Tuan.”

“Ari Enden … kapan Ema teh damelna di antawisna nyeuseuh, kalebet nyeuseuh sepre. Sok katawis aya kerak dina sepre. Padahal sepre nembe digentos.”

“Jadi lamun urang ayeuna ka Walanda, bisa-bisa papendak sareng Walanda anu rarayna siga Pa Caman, halisna ngejepat hideung, kasep atawa geulis, rambutna hideung, panonna hideung bolotot. Mun nya papendak, eta the lanceukna Nyi Surti meureun nya?”

“Ari Nyi Surti mah sanes putra leres. Basa jaman Jepang, kebon sareng pabrik janten teu patos kaurus. Komo saparantos Jepang marulih mah, beuki teu kaurus pabrik teh da meus-meus diganggu ku gorombolan. Janten Pa Caman, Ema sareng sababaraha rerencangan ka kota milari pidamelan ka kantor Kotapraja. Ku Pa Caman Ema diajak nikah, ngarah tiasa sabumi cenah. Duka tos seepeun, maduna diseuseup Nyonya Walanda, atanapi aya sabab nu sanes, Pa Caman sareng Ema mah teu gaduh putra sakitu tos kawin lima belas taun. Ari Nyi Surti, eta mah putra rerencangan anu sasarengan ti kontrak, anu maot katubruk mobil basa nuju nyapu. Teu gaduheun baraya, janten diajakan bae, kaleresan daekeun.”

“Paingan atuh Ma Caman nyeuseuhna beresih, ngistrikana mani rapih, eta teh pasti hasil atikan ti bumi Nyonya Walanda. Nya kitu deui Pa Caman, rajin didamelna, nurut ka dunungan. Pasti eta hasil pendidikan di Tuan sareng Nyonya Walanda.”

Ma Caman irungna kembung asa kapuji.

“Kamari mah aya tamu milarian Bapa, disangkana Ema teh mertuana Pa Prawira, ibuna Enden. Eta panginten pedah urang mah sami-sami pendek he … he … he. Si tamu teu terangeun yen Ema the ngan ukur badega di dieu.”

“Kieu bae atuh Ma Caman … abdi teh kapan tebih ti kolot … Ma Caman oge kapan estuning teu gaduh dulur pisan … kumaha lamun barudak abdi nyebat ka Ma Caman teh Nini Caman bae. Ka Pa Caman nyebatna Aki Caman. Ku jalan kitu urang teh apan jadi asa jeung baraya.”

“Teu langkung Enden … Ema mah ngiringan bae.”

Sangkan hirup genah di dunya, kudu silih titipkeun diri, digawe soson-soson ngalaksanakeun nu geus jadi pancen.

No comments:

Post a Comment

Jangan beriklan di sini!