Saturday, May 10, 2008

Ha Dua Es O Opat


Estuning henteu gampang pakokolot pindah gawe teh. Pasti kudu ngarumas deui. Ngabiasakeun jeung dunungan anyar, babaturan anyar, pancen-pancen anyar. Mun bisa mah tong nepi ka kalakonan. Tapi dalah dikumaha, di kantor aya rasionalisasi. Tadina mah menta dipangsiun memeh-waktu teh maksudna rek ngajajal, naha kantor teh masih mikabutuh keneh ka kuring atawa henteu. Resmina memang kuring sorangan anu menta dipangsiun, tapi sabenerna dina hate kuring ngarep-ngarep ieu pamenta teh henteu dikobulkeun.

Lian ti eta, kuring nyaho yen kantor pusat nyaho yen kuring teu pati akur jeung kepala perwakilan Jakarta. Jadi, ceuk pikir, lamun pamenta pangsiun memeh-waktu ti kuring dikobulkeun ku kantor pusat, eta tandana kantor pusat biruk ka kepala perwakilan. Hayang nyaho we ieu mah.

Ibaratna tentara, saencan luncat tina pesawat anu keur ngapung, kudu boga parasit heula. Nya kitu oge kuring, saencan menta pangsiun memeh-waktu kuring maluruh heula ka sababaraha batur kuliah baheula, sugan aya nu butuheun tanaga kuring.

“Kabeneran atuh ari kitu mah, di dieu bae ngabantuan kuring. Tapi maneh kudu mawa komputer sorangan. Ari kamar jeung meja-korsi mah sadia, malah kamarna make AC sagala ngarah bisa jongjon gawe teu kaganggu ku hareudang.” ceuk Thoyib.

“Teu jadi soal. Kabeneran kuring boga note-book arang dipake,” tembal kuring. Saenggeus aya jaminan ti Thoyib, karek kuring wani menta pangsiun memeh-waktu.

Lakadalah, enya pisan. Kantor pusat ngobulkan pamenta kuring. Duit pesangon geus ditangtukeun. Tanggal geus pasti. Hadena geus sadia parasit.

<>

Cindekna, kuring geus ngantor di perusahaan Thoyib. Pagaweanna masih dialas jeung diecer ku manehna. Ngetik itu, ngitung ieu, rapat itu, nepungan bapa ieu. Can aya perelean pagawean anu tangtu. Abong kena basa eta kuring ngomong “pagawean naon bae” ge daek. Abong kena ceuk Thoyib kuring teh tugasna “ngabantuan” manehna. Kabukti anu dipigawe ku kuring estuning kabeh datang ti manehna. Teu sirikna, sawareh pagawean Thoyib geus di geser tina mejana ka meja kuring.

Sakumaha jangji Thoyib, kuring dibere kamar sorangan. Ieu kamar make AC, jadi karasa tiis. Tapi kulantaran AC-na geus rada boga umur, tiisna pisan teh lamun keur hujan di luar bae. Lamun poe keur entrang-entrangan mah karasa keneh hareudangna. Lamun keur kitu, ieu AC sok ngahiung siga mobil keur nanjak make perseneleng hiji.

Kamar teh jandelana malik ka kulon, nyanghareup ka tempat parkir. Di tempat parkir aya tangkal manggah. Eta tangkal manggah jangkungna leuwih luhur ti kamar kuring, padahal kamar kuring aya di tingkat dua. Kira-kira jam tilu sore, ti kamar, si tangkal katempona siga siluet, hideung ngahalangan cahaya panon poe. Lamun daun-daun keur oyag katebak angin, cahaya panon poe anu norobos dina sela-sela daun kacirina siga cika-cika, kucap-kiceup bari pipindahan.

Geus sababaraha kali diperhatikeun, unggal jam tilu sore sok aya bau ngahiliwir. Bauna asa rada wawuh. Asa mineng ngambeu baheula. Uteuk mimiti muter. Unggal juru dina sirah dicukcruk bisi aya beja. Unggal sela dina polo di longok bisi aya info. Lamun enya baheula mineng ngambeu, tangtuna si bau teh kaambeuna mun teu di sakola tangtu di imah, imah kolot maksudna. Hirup kuring baheula ngan di dua empat eta. Di sakola, timana deui bau-bauan datang lamun lain ti rohang kimia. Jadi, ieu bau teh tangtu bau salah sahiji zat kimia. Tapi naon ? Di imah, asana bau kieu sok kaambeu lamun ngaliwat ka imah Mang Karman tukang aki. Dua informasi dipasalingsingkeun, naon anu sarua tina dua informasi eta? Mesin uteuk geus deukeut kana sasaran … jrek … jrek … jrek …. kapanggih weh. Ieu bau teh pasti bau asam sulfat atawa H2SO4 … dibacana ha dua es o opat … zat cair anu sok dipake ngeusian aki.

<>

Thoyib teu koret dina hal mere gajih. Sanajan perusahaanana jauh leuwih leutik ti perusahaan tempat kuring digawe saencanna, gajih kuring teu turun-turun teuing. Pangpangna mah, tanggal mayar gajih teh tara ised, kajaba lamun ninggang poe pere sok dibayar leuwih cepet. Eta sababna kuring teu pati melang make sawareh duit pesanggon keur ngaganti mobil. Lian ti eta, Thoyib geus jangji yen lamun mobil pribadi dipake keur kaperluan dines, baris aya duit gaganti. Jadi, lumayan aya panarimaan salian ti gajih.

Ngahaja meuli mobil anyar teh milih anu cc-na leuwih leutik, maksudna ngarah bengsinna teu olok. Nu kapilih teh Daihatsu Zebra minibus. Tempat diukna aya tilu jajar, budak nu dua bisa sajajar sewang di tukang. Maklum barudak kuring mah sok gek reup, ari gek diuk dina mobil sok terus reup sare. Jadi kudu disadiakeun tempat anu cukup sangkan bisa sare nangkarak atawa nyangigir.

Dahatsu Zebra memang dirancang supaya ringkes. Teu sirikna penumpang teh diuk dina luhur mesin mobil. Lamun rek mariksa cai radiator atawa mariksa cai aki, dua korsi nu panghareupna kudu ditilepkeun heula terus dijengkangkeun..

Ka Bandung jadi mineng ku lantaran aya klien di Bandung. Ku ayana jalan tol Cipularang, dines ka Bandung teh mindengna mah pulang poe bae, henteu ngendong,. Ka kolot atawa mitoha di Bandung paling ukur ngalongok saelol, tampolana ngan nelepon wungkul.

Ti Bintaro biasana jam 7, sakalian nganteurkeun barudak sakola. Ancoanna jam 11 geus nepi ka kantor klien. Lakadalah, kira-kira di kilometer 90, unggal mobil keur ngarayap dina tanjakan, bau ha dua es o opat teh sok kaambeu oge. Kaharti, ceuk pikir: mobil keur nanjak, aki jadi panas, ha dua es o opat dina aki menguap. Ku lantaran aki aya di sahandapeun kabin mobil, si uap teh asup kana kabin ngaliwatan sela-sela tutup mesin.

<>

Teori kuring ngeunaan ha dua es o opat beuki loba buktina. Kamelang teh si uap ha dua es o opat bisa ngarusak kana paru-paru kuring. Baheula ge saentas nyokot aki motor anu kakarek dicas di Mang Karman, tungtung handap calana jin Raphael kuring jadi rarawing disogot ku cai aki anu taya lian ti ha dua es o opat tea. Paru-paru kuring anu bahanna leuwih hipu batan calana jin, tangtu leuwih gampang diruksakna ku ha dua es o opat.

Tapi nya kitu, kuring geus katepaan ku panyakit jalma rea, sanajan kasadaran geus datang, tapi teu langsung disusul ku tindakan. Rohangan kantor tetep didinya, mobil angger nu eta. Bau anu cenah bau ha dua es o opat, angger diseuseup unggal poe.

<>

Tapi kumaha bisana di kantor kaambeu bau ha dua es o opat? Jeung deui … naha jam tilu sore? Eta pangalaman teh ku kuring dicaritakeun ka Thoyib.

“Aya dua kamungkinan. Kahiji, di deukeut unit luar AC kamar kuring, aya alat anu ngagunakeun ha dua es o opat. Bisa aki mobil, bisa oge alat sejen. Eta bau kasedot ku mesin AC, asup kana mesin AC, terus ditiup nepi ka kamar kuring.”

“Ke urang nitah jelema ngilikan unit luar AC dina dak. Ngaganggu pisan meureunnya?”

“Ngaganggu pisan sih henteu, ngan sieun aya matakna kana kasehatan. Lamun ieu bau jadi kasakit kana awak, atuh urang gawe teh ngan ukur keur ngabeungharkeun dokter.”

“Enya kuring oge ngarti.”

“Kadua, note-book kuring oge pan make batere. Bisa jadi sanggeus sapopoe dipake, sore-sore si batere jadi panas, terus ha dua es o opatna menguap. Jadi bae kaambeu.”

“Asana mah ha dua es o opat teh ngan dipake ku batere baseuh, saperti aki mobil. Sedengkeun batere garing siga nu dipake note-book mah biasana make zat kimia sejen.”

“Eeeh … pan ieu mah analisa ngaranna oge. Bisa jadi zatna lain ha dua es o opat, tapi kaluar tetep tina note-book kuring,” ceuk kuring embung eleh.

“Enya atuh … ari kitu mah analisa bae terus nepi ka kapanggih. Kumaha indit ka Bandung isukan teh …jadi pan? Sing beubeunangan nagih teh, keur gajihan akhir bulan ieu.”

“Jadi Yib … jadi. Tadi kuring geus nelepon Bagian Keuangannana.”

<>

Isukna, poe Kemis, kuring indit ka Bandung. Jumaahna kabeneran poe pere. Pamajikan kuring, Mimin, jeung barudak milu. Sakalian ngajak ulin barudak ka ninina di Bandung, mun daekeun maranehannana rek ditinggalkeun di Bandung da sakolana keur pere.

Sajajalan ku kuring ka Mimin dicaritakeun persoalan ha dua es o opat eta, dimana bae kajadianana, jam sabaraha, jeung kamelang kuring ngeunaan akibatna kana kasehatan.

“Engke urang buktikeun geura lamun urang keur nanjak di kilometer 90.”

Pas di kilometer 90, sakumaha biasa, selengseng si bau teh kaambeu deui.

“Cik … cik … kaambeu pan ku Mamah? Barudak … kaambeu pan aya bau anu aneh?” ceuk kuring nanya ka kabeh penumpang Zebra.

Ceuk Mimin : “Kang, sanajan Mimin teu pinter-pinter teuing dina widang kimia, tapi ari kana bau-bauan zat kimia mah apal keneh. Ieu mah lain bau ha dua es o opat.”

“Jadi bau naon atuh lamun lain bau ha dua es o opat?”

“Yeuh Kang … Mimin teh geus dua puluh dua taun kawin jeung Akang. Geus apal lah sagala ngeunaan Akang mah. Bau nu kieu mah apan … bau awak Akang sorangan.”

(Bambang Setiawan, Bintaro Jaya V, Juli-Agustus 2006)

2 comments:

  1. leres geuning sami....Kandaga Rasa... duka falsafahna sami atanapi henteu?? Baktos ka ceu Mimin, aya ku cerdas-cerdas teuing, sanes ahli kimia oge tiasa ngabentenkeun H2So4.

    ReplyDelete

Jangan beriklan di sini!